Senin, 06 Januari 2014

TANBIH

TANBIH

Bismillahir rohmanir rohim

                Ieu pangeling-ngeling ti Pangersa Guru Almarhum, Sjech Abdulloh Mubarok bin Nur Muhammad, panglinggihan di Patapan Surjalaja Kadjembaran Rachmaniah. Dawuhannana chusus kangge ka sadaja murid-murid, pameget istri, sepuh anom, muga-muga sing ginandjar kawiludjengan, masing-masing lulus rahaju sapapandjangna, ulah aja kabengkahan djeung sadajana.
                Oge nu djadi papajung Nagara sina tambih kamuljaannana, kaagungannana tiasa nangtajungan ka sadaja abdi-abdina, ngauban ka sadaja rajatna, di paparin karahardjaan, kadjembaran, kani'matan ku Gusti Nu Maha Sutji dlohir-bathin.
                Djeungna sim kuring nu djadi pananjaan Thoreqat Qodirijjah Naqsyabandijah, ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadaja murid-murid poma sing hade-hade dina sagala laku lampah, ulah aja tjarekeun Agama jeung Nagara.
                Eta dua-duanana kawulaan sapantesna, samistina kudu kitu manusa anu tetep tjitjing dina kaimanan, tegesna tiasa ngawudjudkeun karumasaan terhadap Agama djeung Nagara, taat ka Hadorot Ilahi nu ngabuktikeun parentah dina Agama djeung Nagara.
                Inget sakabeh murid-murid, ulah kabaud ku pangwudjuk napsu, kagendam ku panggoda sjetan, sina awas kana djalan anu matak mengparkeun kana parentah Agama djeung Nagara, sina telik kana diri bisi katarik ku iblis anu njelipkeun dina bathin urang sarerea.
                Anggurmah buktikeun kahadean sina medal tina kasutjian :
                Kahidji : ka saluhureun ulah nanduk, boh saluhureun harkatna atawa daradjatna, boh dina kabogana, estu kudu luju akur djeung batur-batur.
                Kadua : ka sasama tegesna ka papantaran urang dina sagala-galana ulah rek pasea, sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning ngalakukeun parentahna Agama djeung Nagara, ulah djadi patjogregan patjengkadan, bisi kaasup kana pangandika "ADZABUN ALIM" anu hartina pilara salawasna, ti dunja nepi ka acherat (badan pajah ati susah).
                Katilu : ka sahandapeun ulah hajang ngahina atawa njieun deleka tjulika, henteu daek ngadjenan, sabalikna kudu heman kalawan karidoan, malar senang rasana, gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas djeung giras, rasa kapapas mamaras, anggur ditungtun ditujun ku nasehat anu lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina djalan kahadean.
                Kaopat : ka nu pakir djeung nu miskin kudu welas asih, someah tur budi beresih, sarta daek mere maweh, nganjatakeun hate urang sareh. Geura rasakeun awak urang sorangan katjida ngerikna ati ari dina kakurangan. Anu matak ulah rek kadjongdjonan ngeunah dewek henteu lian, da pakir miskin teh lain kahajangna sorangan, estu kadaring Pangeran.
                Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan, sanadjan djeung sedjen bangsa, sabab tunggal turunan ti Nabi Adam as. Numutkeun ajat 70 Surat Isro anu pisundaeunnana kieu : "Katjida ngamuljakeunnana Kami ka turunan Adam, djeung Kami njebarkeun sakabeh daratan oge lautan, djeung ngaridjkian Kami ka maranehannana, anu aja di darat djeung lautan djeung Kami ngautamakeun ka maranehannana, malah leuwih utama ti mahluk anu sedjenna."
                Djadi harti ieu ajat njaeta akur djeung batur-batur ulah aja kutjiwana, nurutkeun ajat tina surat Almaidah anu sundana : "Kudu silih tulungan djeung batur dina enggoning kahadean djeung katakwaan terhadep Agama djeung Nagara, soson-soson ngalampahkeunnana, sabalikna ulah silih tulungan kana djalan perdosaan djeung permusuhan terhadep parentah Agama djeung Nagara."
                Ari sebagi agama, saagamana-saagamana, nurutkeun surat Alkafirun ajat 6, "Agama andjeun keur andjeun, Agama kuring keur kuring." Surahna ulah djadi papaseaan, "Kudu akur djeung batur-batur, tapi ulah tjampur baur".
                Geuning dawuhan sepuh baheula : "Sina logor dina liang djarum, ulah sereg di buana." Lamun urangna henteu kitu, tangtu hanjakal di achirna. Karana anu matak tugenah terhadep badan urang masing-masing eta teh tapak amal perbuatannana. Dina surat Annahli ajat 112 diunggelkeun anu kieu : "Gusti Alloh geus maparin tjonto pirang-pirang tempat, boh kampungna atawa desana atawa nagarana, anu dina eta tempat nudju aman santosa, gemah ripah loh djinawi, kari-kari pendudukna (nu njitjingannana) teu narima kana ni'mat ti Pangeran, maka tuluj bae dina eta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisi djeung sadjabana, kituteh samata-mata pagawean maranehannana."
                Ku lantaran kitu, sakabeh murid-murid kudu arapik tilik djeung pamilih, dina njiar djalan kahadean lahir bathin, dunja acherat sangkan ngeunah njawa betah djasad, ulah djadi kabengkahan, nu disuprih, TJAGEUR BAGEUR.
Teu aja lian pagawean urang sarerea Thoreqat Qodirijjah Naqsabandijah, amalkeun kalawan enja-enja, keur ngahontal sagala kahadean dohir bathin, keur njingkahan sagala kagorengan dohir bathin, anu ngeunaan ka djasad utama njawa, anu dirungrung ku pangwudjuk napsu, digoda ku dajana setan. Ieu wasiat kudu dilaksanakeun ku sadaja murid-murid, supaja djadi kasalametan dunja rawuh acherat.

Patapan Surjalaja, 13 Pebruari 1956

Ieu wasiat kahaturkeun ku pribados
Ka sadaja achli-achli

(H. A. SJOHIBULWAFA TAZUL’ARIFIN)

Ranggeuyan Mutiara.

Ulah ngewa ka Ulama anu sajaman
Ulah nyalahkeun kana pangajaran batur.
Ulah mariksa murid batur.
Ulah medal sila upama kapanah.

KUDU ASIH KA JALMA ANU

MIKA NGEWA KA MANEH.

Pangersa Guru Almarhum


Tidak ada komentar: